Nyacah Gancang

Nyacah Gancang (Basa Inggris: quick count) nyaéta hiji métode pikeun ngira-ngira hasil pamilihan umum (pamilu). Carana mah ukur ngitung hasil ahir sora di TPS (Tempat Pemungutan Suara) nu dijadikeun conto (sampel). Sangkan bisa ngawakilan sakabéh TPS nu aya, TPS conto dipilih maké métode cuplik acak statistik.

Ngitungna bisa gancang sabab teu jiga cara ngitung lembaga pamilihan resmi nagara (KPU/KPUD/KIP) nu bertingkat, Nyacah Gancang mah, salian teu sakabéh TPS diitung, langsung ngitung saréngsé TPS ngitung sora.

Ku kamajuan téhnologi, kiwari mun maké Nyacah Gancang hasil pamilihan bisa kanyahoan sababara jam sanggeus TPS tutup.


From Wikipedia, the free encyclopedia · View on Wikipedia

Developed by Nelliwinne